Pages

Sunday, August 11, 2024

BABASAN SUNDA

Para wargi sunda, urang sok nguping istilah-istilah dina cara urang sunda ngobrol atawa cumarita sapopoe boh dina forum formal doh non formal. Istilah-istilah na teh biasana diwangun ku dua kecap, misalna Kurung batokeun, Panjang Leungeun, Geude Hulu jeng sajabina. Tah istilah-istilah eta teh disebutna Babasan. Naon atuh ari nu dimaksud atawa arti Babasan?
Babasan nyaeta ucapan matok nu dipaké dina harti injeuman ker ngagambarkeun kalakuan, parasaan, sifat atawa kondisi anu ker dirandapan ku jelema.
Dina tutulisan iyeu simkuring seja ngadugikeun babasan sunda rejeng artina. Mangga di titenan.
A
Adab lanyap : Bahasana alus jiga hormat ka batur tapi hatena luhur jeung sok ngunghak jadi tungtungna matak teu pikaresepun batur.
Adep hidep: Kumawula
Adigung adiguna : Sombong atawa takabur
Adil palamarta : Pohara adilna
Adu manis : Disurup ngarah sieup
Adu regeng : Patorong-torong boh omongan atawa tanaga
Adu rényom : Paréa-réa omong
Adug songkol : Motah atawa adug-adugan teu reureuh bakating ku nandangan kanyeri
Ahli leleb : Singkatan tina ahli lelebok
Aing aingan - sewang-sewang

Wednesday, August 7, 2019

BIANTARA SEREN TAMPEN PANGANTEN

Para wargi sunda sadayana anu ku simkuring dipihormat, 
Dina acara pertikahan tos ilahar aya biantara seren tampen panganten.
Biantara seren tampen panganten teh dibagi dua bagean. Kahiiji na biantara panyerenan ti sepuhna atanapi wawakil sepuh keluarga jembar calon panganten pameget, nu kadua na nyaeta biantara panampian atanapi Tutur Saur Panampian anu didugikeun ku sepuh atanapi wawakil sepuh keluarga jembar calon panganten istri.

Tangtosna urang peryogi uninga malihan saena mah kedah tiasa ngadugikeun biantara boh panyerenan boh panampian. Kumaha cara biantara na? naon wae hal anu kedah dicarioskeun diana eta biantara? salajengna ku simkuring baris dituliskeun salah sawios conto biantara na di handap iyeu, mudah2an manfaat kanggo nambihan bahan diajar urang sangkan tiasa biantara.

A. BIANTARA PANYARENAN (KEDAL LISAN PAMAKSADAN)

1. BAGEAN-BAGEAN BIANTARA PANYERENAN (KEDAL LISAN PAMAKSADAN)

Bagean-bagean biantara panyereanan Atanapi kedal lisan pamaksadan nyaeta

BAGEAN KAHIJI

MUQODDIMAH

1.Bubuka
   Biantara di buka ku nguecapkeun kalimat salam. (Assalamualaikum ww) diteraskeun sabadana di
   jawab ku nu hadir nyaeta ku ngucapkeun "Rampes..."

2. Muji syukur

3. Syahadat

4. Sholawat kakangjeng Nabi Muhammad SAW

5. Ngaoskeun kutipan ayat Al-Quran

7. Wasiat takwa.

8. Do'a Robis Rohli

9. Kecap Hauqolah (Laa Haula walaa Kuwwata dst)

10. Ammaa ba'du


BAGEAN KADUA

LISAN PANGHORMATAN

    Lisan panghormatan ditujukeun ka saha wae? nyaeta timimita pangluhurna jabatan nepika
    teras ka handapna dugika panungtungna nyaeta ka pangjajap acara.
    1. Para kiyai, alim ulama,
    2. Para ustadz sareng ustadzah
    3. Para Guru
    4. Para sepuh pinisepuh
    5. Para inohong, ais pangampih ti kawit kepala desa dugika RT 
    6. Para tokoh agama, tokoh seni jeng budaya, tokoh pemuda, aktivis lingkungan
    7. Keluarga jembar sepuhna calon panganten istri
    8. Calon panganten istri
    9. Pangjajap acara
   10. Para wargi sadayana nu sami hadir linggih dina iyeu patempatan

    
BAGEAN KATILU

KEDAL PAMAKSADAN

1. Silaturahmi
2. Silatu du'a
3. Silatul wa'di
4. Silatul jasadi
5. Silatul maali


BAGEAN KAOPAT

PANUTUPAN.

Ditutup ku salam deui.



2. CONTO BIANTARA PANYERENAN (KEDAL LISAN PAMAKSADAN)


Assalaamu'alaikum ww

Rampes.....

Alhamdulillaah.
Alhamdulillaahirobbil'aalamiin. wabiihi nastaiinu alaa umuuri ddunyya waddiin.

Asyhaduanllaa ilaaha ilallooh wahdahu laa syarikalah almalikul haqqul mubiin.
Wasyahadu anna muhammadan abduhu warusululu ashodiqu wa;dil aamiin alladzii laa nabiiya ba'dahu.

Allohumma sholi alaa sayyidina wamaulana wasyafi'iina wa habiibana Muhammadin wa ala alihi washohbihi ajmaiin waman tabi'ahum biihsanin illaa yaumiddiin.

Qoolallohu ta'ala fii kitabihil karrim.

wa min âyâtihî an khalaqa lakum min anfusikum azwâjal litaskunû ilaihâ wa ja‘ala bainakum mawaddataw wa raḫmah, inna fî dzâlika la'âyâtil liqaumiy yatafakkarûn.

Ayyuhalhadirrun, ittaqulloha haqqo tuqotihi walaa tamuutunna illa wantum muslimuun.

Robbisrohli sodri wayassirli amri wahlul uqdatamilisaani yafqohul qouli.

Laa haula walaa quwwata illaa billaahil aliyyil azhimm.

Amma ba'du.


Puji anu jadi malatina ati kagungan allah rabbul izzati

Puja anu jadi campakana dada kagungan allah azza wajalla

Syukur anu jadi mimiti kacatur kagungan allah rabbul gafur

Dzat anu parantos maparinan ka urang samudayana kasehatan kasalametan miwah kasempetan kanggo urang sadayana tiasa riung mumpulung patepung lawung paamprok jonghok patepang wajah dina iyeu haplah anu ingsya allah seer ngandung barokah. Amiin

Sholawat sinareng salamna Allah SWt mugia teu weuleh ngocor ngagolontor salalawasna  ka baginda alam tegesna kanjeng nabi Muhammad shallallahu alaihi wasallama ka para sahabatna, tabiin atbaut tabiin dugi ka urang sadayana mudah mudahan ku wasilahna ngaos sholawat janten cukang lantaran urang dipaparinan syafaatul udzma sareng syafaatul khossoh ti mantena. Aamiin



Anu ku simkuring dipikahormat, Para kiyai, alim ulama, ustadz sareng ustadzah 

Anu ku simkuring dipikahormat Para sepuh pinisepuh, Para inohong, ais pangampih ti kawit kepala desa sareng jajaran staff na, ketua RW  ketua RT  oge teu hilap jajaran linmas.

Anu ku simkuring dipikahormat Para tokoh agama, tokoh pendidikan, tokoh seni jeng budaya, tokoh masyarakat, teu hilap para tokoh pemuda pemudi karang taruna.

Anu ku simkuring dipikahormat  Keluarga jembar sepuhna calon panganten istri

 Anu ku simkuring dipikahormat Calon panganten istri 

Anu ku simkuring dipakahormat Para wargi sadayana sepuh anom, pameget jaler istri, nu sami hadir linggih dina iyeu patempatan


salajengna , anu ku simkuring dipika hormat, oge simkuring ngahaturkeun nyaeta kersana Pangjajap acara, anu maparin ka simkuring lolongkrang sareng ruang kango cumarios dina iyeu waktos.




Bapak miwah ibu sadayana, sepuh wargi anu sami linggih.

Simkuring ngabantun asmana Bapak anu kalih Ibu anu, dina iyeu waktos seja ngadugikeun naon rupi hal anu janten pamaksadan pangna simkuring saparakanca ti palih ditu lembur anu nyingkur,kampung anu dilingkung gunung, desa anu jauh ti kota, ngabring ka iyeu wewengkon.

Nu Kahiji.
Pangna simkuring ngabring kaiyeu patempatan, ngaleut ngeungkeuy ngabandalet, ngembat-ngembat nyatang pinang, Jauh di jugjug anggang di teang, nanjak ditaekan, mudun diturunan, nyeta gaduh maksad seja SILATURAHMI. Nyanggakeun silaturahmi ka sadayana wargi di iyeu wewengkon kalayan dumasar kana parentah Gusti dina Al-Quran anu Suci. Yakin dimana urang nyambungkeun silaturahmi,baris kacida geude barokah sareng fadhilahna. Amiin

Nu kadua
Simkiring seja nyanggakeun SILATUL WA'DI. Rehna parantos aya basa sareng sumpah dina waktos sababaraha katukang ti pun anak anu wasta cep anu ka Tuang Putra na Bapak Anu kalih Ibu anu nyaeta ka neng anu, seja lillaahi ta'ala kalayan ageung pangharepan seja ngawangun rumah tangga sareng neng anu, tegesna Pun anak teh kacida hayangna migarwa ka neng anu. Tah dina waktos iyeu simkuring teh salaku sepuhna oge dijajap ku wargi-wargina, adina lanceukna, paman sareng bibina, nini akina, sareng sobat-sobatna, seja nohonan janji eta. Lain sieun lain teu boga kawani iyeu pun anak lumampah sosoranganan kadieu ker nohonan janjina ka neng anu kalih sepuhna. Iyeu pun anak yakin lalaki sajati, teu sieun dina nyorang niat benerna, teu hariwang ku jurig jeng ririwa anu teu weuleh ngagoda, nanging pun anak teh hoyong ngareugreugkeun manahna neng anu kalih sepuhna. Bilih di sangki ku urang diyeu yen pun anak teh teu boga kolot teu boga dulur jeng sobat, teu puguh asalna, teu jelas silsilahna, NUmawi dongkap kadiyeu teh ngabring.


Nu katilu
Silatul Jasadi. Simkuring salaku bapak teges pun anak dina iyeu waktos seja nyanggakeun pun anak. Anu disanggaekeun nyaeta jasad lahir na ti luhur sausap rambut dugika kahandap sausap dampal, tengahna nu jigah mutu insya Allah dipikaresep ku neng anu, matak cemberut lamun saminggu teu bere. Mangga nyanggakeun kanggo ditikahkeun di akadan kalayan akad anu sakral dina dinten iyeu, ulah dienjingkeun deui. Insya Allah dimaana tos diakadan mah Pun anak teh tos halal kanggo neng anu, oge neng anu oge halal kanggo pun anak. Regreg sumkuring salaku sepuhna. mangga nyanggakeun iyeu pun anak kanggo ditikahkeun, jadi urang diyeu, ulah di saha-saha ku urang diyeu, mangga diangkeun, libatkeun dina jadwal ronda, kerja bakti, oge manawi elmuna sakedik tiasa kaanggo dina raraga majukeun iyeu lembur. 

Nu Kaopat
Silatul Maali

Nu Kalima
Silatud du'a





  








BABASAN SUNDA

Para wargi sunda, urang sok nguping istilah-istilah dina cara urang sunda ngobrol atawa cumarita sapopoe boh dina forum formal doh non forma...